Minggu, 29 April 2012

HIRUP PIKANYERIEN



Di hiji kampong di caritaken aya hiji lalaki anu kasep sareng daekan, anu namina nayeta asep, saking ku kasepna budak lalaki eta janten wanija atanapi lalaki anu di piresep ku awewe anu aya di kampong cikadu . Loba awewe anu ngajak bobogihan atanapi atanapi awewe haying jadi kabogohna.tapi kukasolehanasi asep kukabageran si asep tara deukeut jeungtara kaluar ti imah saumpamina libur sakola.                                                                                                                                                                                                                                             
Inungna anu namina imas sareng bapana anu namina akrom reu eus ngagaduhan putra soleh sareng daekan saper tos si asep .saumpamina bapana atanapi inungna miwarang si Asep tara nemal, di piwarang ka sawah ngagidig we ka sawah di piwarang ka warung ngagidig we ka warung. Saking ka solehan sareng kadaekana si Asep, anjena rajin kana migawe pagawean atanapi kawajiban anu kudu di laksanaken ku anjeuna, sapertos ngalaksanaken solat anu lima waktos,saupamina tos waktosna solat lohor si Asep sok langsung init kamasigit, saupamina tos waktosna solat asar sareng magrib,isa,subuh si Asep sok langsung mangkat ka masigit ngalaksanaken kawajiban  nyaeta solat, salain kawaiban anjena sok tara kaliwat ngalaksanaken pasunatan sapertos ngalaksanaken solat tahajud anu di laksanaken dina waktos wengi saentos ngalaksanaken solat tahajud si Asep sok tahrim atanapi ngantosan waktos solat subuh sabari pupujian di masigit teras saentos solat subuh lansung init ka madrasah atanapi ngalaksanaken ngaos anu tujuan ngala elmu agama, oge osok ngalasanaken pasunatan solat  duha anu di laksanaken dina waktos berang atanapi tabuh sapuluhan si Asep sok ngalaksanaken solat duha di sakolaan, sareng pasunatan-pasuntan anu sanesna.
Si Asep sakola di salah sahiji sakola anu aya di Cianjur. Dina waktos sakola eta anjena daekan anu hartosna osok ngalaksanaken tugas atanapi pagawean sakola anu kedah di pidamel. Dina hiji waktos aya hiji awewe anu sarua sakolana sareng si Asep, name awewe eta nyaeta Siti, awewe eta gelis sareng bager, saking kagelisana si Siti janten wanoja atanapi awewe anu loba di pika haying kulalaki atanapi loba anu bogohen di sakola eta, teu kakantun  si Asep oge bogohen sareng hoyong janten kabogoh si Siti, lila kalilaan si Asep ngadeketan si Siti nepika unggal weungi, unggal dinteun si Asep osok SMS san sareng si Siti, ko mineng SMS san si Asep ngaraos yen si Siti oge hoyongen ka anjena. Teras lila kalilaan si Asep ngawaniken kango nyarios atanapi ngungkapken rasa hatena anu si Asep teh bogoh ka si Siti.
Di sakolaan si Aasep,  tabuh sapuluhan tos ka kuping bel atanapi sora anu nandaken waktosna istirahat, si Asep ngantosan si Siti dina tanga anu caket sareng kelas si Siti, teu  lami si Siti bijil tina kelasna”Siti aya waktos teu? Kango nyaros duaan” saur si Asep ssabari ngadeg-deg, si Siti ngawaler cariosan si Asep “Bade nyariskeun naon? Manga wae” cariosan si Siti sabari seuri atanapi senyum, “Sakedap da” Saur si Asep. “eunya sok manga”waleran si Siti “Sit atos laminya Siti sareng Asep teh tos saling wawuh, tiap wengi sok SMS san di sakola sok duduaan”crosan si Asep sabari bener-bener di campur sareng nga deg-deg “muhun terang, maksad tina cariosan ieu naon kitu?” si Siti naros ka si Asep, si Asep ngawaler  ku cariosan anu te di sangka ku si Siti”Siti kersa teu janten kabogoh Asep”sabari ngadeg-deg, “ah aria sep mah sok lulucon”waler siti anu te percanten kana cariosan si Asep “eh Asep mah jujur, Asep bogoh ka Siti” waleran si Asep”Ohh… tapi Asep punten pisan, sanes Siti te ngahargaan perasaan Asep, sanes Siti te bogoh ka Asep, tapi da Siti mah atos gaduh kabogoh, urang leumur, sakampung sareng Siti” waleran si Siti sabari nyepengan panangan si Asep, “nya saha kitu namina kabogoh Siti?” taros Asep “Saepul, punten pasan nya Sep”saur si Siti, “Ohh… enya te nanaon atuh Asep oge nyuhunken di hapaunten tos ngawagel kana waktosna Siti” waler Asep sabari init ka kelas, di kelas si Asep ceurik ngaraosken anjena nyeri hate, kumargi dina emutan si Asep di kira si Siti the te gaduh kabogoh, soalna satiap dinten satiap wengi si Asep ngaraoskeun deukeut sareng si Siti.
Tina kajadian pikanyeriaeun eta si Asep niat dina manahna moal ngadeukeutan atanapi ngajak bobogohan ka awewe deui kumargi atos karaos nyeurina.

                                                                               (TUGAS B.SUNDA DI PUBLIKASIKEN)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar